HAK CIPTA KAMARADANU,DILARANG KERAS MEMBUKUKAN SETIAP KARYA/ PUISI ATAU TULISAN DARI BLOG INI TANPA IJIN KAMARADANU KAMAHEMAN

Total Tayangan Halaman

Jumat, 20 Mei 2011

Puisi Bahasa Sunda : Sumalindung

" Sumalindung "
najan liwung ka kurung tangtung
najan muyung kakurung layung
jung sumalindung kanu Agung,
Duh Gusti wiati pangarti

 


nu sajati mariksa ati
nu rancage ngawasa simpe hate
nu ngatur sesa umur
nu Suci ngaraksa wanci
najan gumulung di gulung untung
najan nangtung manggung di gunung
jug sumalindung kanu Agung
Duh,Gusti malati sanubari

Anging Anjeun nu surti hariring kuring
Boh enteup dina keukeup ka geugeut
salawasna teuteup anjeun
Tuhu dina puhu kalbu 
Kamaradanu Tea 21 Mei jam 9:49  
 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Pengikut